Puraga jati sunda

BUBUKA ANJINING RASA

Niat kuring aji-ning rasa.
Rasa goib titipan nu Maha Tunggal.
Tunggal sarasa , tunggal sa-pangawasa,
Jalan nu rahayu mapag alam kabagjaan,
Eunteungeun diri pribadi.
Basa mah gambaran rasa. Budi mah gambaran ati.
Ngancik’na raga salira.
Dina batin anu sidik, anutara daek nga-bohong, jeung
di bohongan.
Jaga diri ati-ati. Pinasti hirup taliti
Dumugi mapagna pati.
Hirup pasti, ku cageur na, ku bageur’na ku bener’na.
Sing taat ka pamarentah.
Repeh rapih, beres roes, tur akur reujeung sasama.
Mahluk nu sugih hartina, beunghar harta, salamet
hirup kumbuhna.
Amjalu papadang ati.
Awaking bujang ka sakti.
Bisa maca bisa ngaji.
Ngajina na tungtung ati.
Macana na tungtung rasa.
Nu hurung dina jajantung.
Nu herangna, di kalilipa.
Hurung tanding dammar hurung.
Siang tanding dammar herang.
Anu hurungna, kurungan.
ANu herang, eusi rasa.
Kadi bulan, kadi sarangéngé ngahing medal.
Remet ménténg dina angen.
Anu ngilo dina tikoro.
Nu ngintip dina lalangit.
Buka ini buka rohani.
Buka sintung, bukakeun gedongan ati.
Pang mukakeun cahaya ti anu maha kawasa.
Supaya kapanggih bukti.

Nu puguh diri sajati.
Kudu nyata ceuk tuduhna.
Bray cahaya, bray cahaya.
Cahaya anu kawasa.

Ka anu nyepeng dinten tujuh dawuh lima.
Pager duawelas.
Kasaderek anu opat, kalimia pancer salira.
Ka saderek anu medal,
Ka sederek nu teu medal.
Ti putra anu medal.
Ti putra anu teu medal.
Guru lahir, guru batin.
ti guru sidik. Ti guru permana.
Ti nu ngukur tangtung,
Ti nu kagungan rahayu.
Ti nu kagungan darajat.
Ti anu ngandung.
Ti anu ngayuga.
Ti luhur anu mayungan.
Ka handap anu nganparan.
Ti gigir anu ngajaring.
Ti tukang anu ngagiring.
Ti hareup anu nampian.

Aki sakti, Nini sakti. Nu nunggu di birit leuit.
Ibu ratu, Rama Agung. Nu ngaping geusan nyalindung.
Nu calik Di pasir layung. Nu geulis putri rengganis.
Nu ngancik di pasir panggung. Nu kasep kang
Kamajaya

Gunung purba, panungkeban Para-Hu-na
Nu nyalungkran pasir asih, nu ngabinih.
Pa-gelaran alam kandung asih indung.
Pa- ngawit-an pangrungruman tuturunan.

Bukti Tunggul,
Nya muga, tunggul anu ngarahayu, ti sunan ambu.
Nya muga, tangkal anu ngadarajat, ti sunan rama.
Turun pulung ka Galuh agung.
Galuh geusan di nyalindung.
Mangsa di bentaran gelap
Gunung gelap reureuh mijah,
Ku aji ning halimunan,
Di sieuman ku handeuleum.
Di caangan ku hanjuang.
Meleberna pulo sari, ning mangari.
Pangrungruman menak ti gunung haruman.
Gunung geulis, ci ibun anu ngareumis,
Papandayan, ngukir tangtung ku tulisan.

Ka para Hyang nu suci.
Nu mancer cahyaning Gusti.

Nu Murba, anu wisesa.
Nu Agung anu maha’na.

Anu kersa anu karsa.
Nu ngersakeun nu ngarsakeun.

Tabé Pun ahung nya ahung.
Amit sun hampura ingsun.

Nya paralun, seja ulun
Kapara luluhung agung.
Nu ka agungan ku pangagung.
Mustika Puraga Jati Sunda

Nu ngadeg di uwung-uwung.
Nu ngadeg di awang- awang.
Anu sirna di mandala panta panta.

1. Di Mandala Méga Manggul
2. Di Mandala Méga Malang.
3. Di Mandala Méga Beureum.
4. Di Mandala Méga Si karembangan.
5. Di Mandala Méga Si kareumbingan.
6. Di Mandala Méga Si antrawela.
7. Di Mandala Pa-Guruh, Pa-Guntur, Patapan Guntur.
8. Di Mandala Bumi suci kerepek séah.
9. Di Mandala Bumi Beureum.
10. Di Mandala Bumi Hideung.
11. Di Mandala Bumi Héjo.
12. Di Mandala Bumi Konéng.
13. Di Mandala Bumi Hawuk.
14. Di Mandala Bumi Putih.
15. Di Mandala Bumi Céngcéréngan.
16. Di Mandala Bumi Sanghyang Sorong Kancana.
17. Di Mandala Bumi Sang Hyang Ribut.
18. Di Mandala Bumi Suci Alam padang.

Galura bakti ,ka luluhur
Ka -Papara karuhun urang sakabéh.
Urang mimitian ku surat anu biasa.
Nu ilahar di paraké jampé.
Tibaheula nu jadi tari paranti.

Pun sampun ka sang roh Pun.
Ka handap ka sang Batara.
Ka luhur ka sang Batari.
Batara raga salira, Batari batin nu sidik.
Anu ngancik dina ati sanubari séwang-séwang.
Anu tara ngabohong jeung di bohongan.
Ka Batara Sunan Rama.
Ka Batari Sunan Ambu.
Karadén caang gumelar, cahaya sakti.
Ka nyimas gumilang seblak.
Seja nyanggakeun pangbakti.
Sapulukaneun.
Tik bul ning menyan kaula
Cahaya beurum kanyataan na amarah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya putih loamah
Tik bul ning menyan kaula.
Cahayana sawi yah.
Tik bul ning menyan kaula.
Cahaya na mut ma inah.
Seja mundut ka emban, kanu geulis.
Ka iringkeun kunu kasép.
Nu geulis Sri Sayana.
Nu kasép Bujang Sarana.
Nya ieu ibu jeung rama.
Pang dugikeun ka anu maha Kawasa.
Kukuh kula-kukuh puji.
Kukus dangdayang mantra.
Dangdayang turus na wati.
Turusna karang Pohaci.

Pang maratkeun, ka-sang Hyang Pangéran Parat Nga-
Mohon tembuskan, kepada yang Maha Menembuskan
Sapulukaneun ka sadaya para luluhur.

Karuhun karuhun suci.
Anu ti kalér, sa kalér
Anu ti kidul, sa kidul
Anu ti kulon, sa kulon.
Anu ti wétan, sa wétan.
Jisim kuring sadayana.
Neda bagja, neda hidayah, neda mangpaat.
Neda maunat, neda caang. Neda padang, narawangan.
Neda salamet, neda barokah..
Kum teu badé di wiji-wiji.
Dunga-na para kasepuhan sadayana.
Anu masih kénéh gelar di alam hirup.
Kikisik lambak sagara.
Ulah ungut ka linduhan.
Ulah gedag ka anginan.
Di siuk ku ibu, di bauran.
Di cokot nya di émbohan.
Nya di bawa, di tambahan.
Si nyimas nama ning sari.
Geura tah mayang larangan.
Geura hudang,geura tanghi.
Di hudangkeun kunu lenjang
Di tanghikeun kunu geulis.

Cag………Rampés.

BUBUKA CATUR

Tabé, pun.
Amit sejaning unjuk uninga, réhing dumasar kana
rasa syukur “Nuhun” ka Nu Ngersakeun, Anu Maha Agung,
jisim kuring seja ngadugikeun gerentesna kereteg, anu
mangrupi karyana rasa, kersaning anu ngawasakeun, hasil
tina teuteuleuman, guguaran, kokoréh, tur mulung pulung
ti anu ngalangkung dina jajantung, galuh agung, manawi
bahan katampi, kalayan aya guna katut mangpaatna
kanggo urang sadaya, malar geusan jadi panungtun tur
pangjejer dina nutur lumakuna léléngkahan hirup,
sasieureun sabeunyeureun, kasanggakeun.

Tawis rasa anu dumasar kana, rasa “nyaah ka
sasama, béla ka bangsa, bakti ka lemah cai, ngarawat tur
ngarumat budaya, sarta niat ngawangian ka sarining
lemahcai”, malar jadi sambung léngkah, sambung lémék,
sambung rasa, keur nyambungkeun uga, tangtuna ogé ti
anu kantos aya ti heubeulna, ti biharina, sugan ngancik di
kiwari geusan ngambah ka supagi. Buhun ngajadi bahan,
biheunna, sara ngajadi sari keur pangaji.
Amit, tabé pun, hampura ingsun, anu diguar saukur
gambar, anu dipedar saukur nalar, piolaheun dina polah,
pilakueun dina lampah, malar katimu rupaning mustika
hirup, anu ngancik dina rasa anu katitipan, naon rupa nu
jadi wujud tulisan, muga larap jadi tutur, jadi lisan,
pijalaneun tatapakan dina aweuhan jalan anu kacida
lamparna, nangtu dina kacindekan Galur.
Sugrining galeuh kadeudeuh, sugrining galih ka
asih, tansah mugia, marganing galuh pangasuh. Tandes,
jadi élmu katut pangaweruh. Geusan pituduh jalan anu
lempeng.
Amit, sanés badé ngalalangkungan, sanes badé
nyanyahoanan, sanés badé mayunan anu ti heula, sanés
badé ninggalkeun anu pandeuri. Ieu mah mung mugia
pareng:

Nu jauh urang deukeutkeun.
Geus deukeut urang layeutkeun.
Geus layeut urang paheutkeun.
Geus paheut urang pageuhkeun,

Geus pageuh urang wangikeun.
Nu kungsi dihandeuleumkeun.
Nu kungsi dihanjuangkeun.
Urang cokot geusan teuleum.

Urang téang geusan midang.
Nya midang, di banjar karang.

Lebak panitisan bentang.
Nya bentang ti para Hyang.

Nu murba di alam padang.
Sapasini, saparanti,
Sa jalan, sareureujeungan,
Sareundeuk, saigel, sabobo, sapihanéan,

Ka cai jadi saleuwi,
Ka darat jadi salogak,
Malar hirup runtut raut sauyunan,
Pataréma rasa.

Geusan nyukcruk uga ti para luluhur,
Mapay tapak ti para Sanghyang Pudak,
Mustika Puraga Jati Sunda

Nu dipuluk mustikana,
Salaku pancer sajati,

Nu dihin ajaring tangtu,
Nu misti élmuning pasti,
Geusan ngadadali diri.
Dadalina uga ludra,

Manuk leuweung ménak lawung,
Lawungna di palawangan.
Nya lawangna geusan luang,
luangna ti pada urang.

urang nu nyorang , urang nu nyaring,
Nyorangna jalan séwangan,
Nyaringna ugeran kuring
Seja tandang seja tanding.

Tandang bari ngarawang,
Tanding bari ngariding.
Bari,nabeuh kohkol awi ,
Bahanna ku haur bitung,

Meunang nuar luhur gunung,
Sorana nyaring tang-ting-tung.
Ngelentrung lir anu ninun,
Nu sidongdang dina sahung,

Hateupna ku rangrang kawung
nu dijieun songkét Bandung.
Songan iket banda indung

Pun!!!

Mustika Puraga Jati Sunda

Sakitu bubuka catur, pangjajap, panyabda teda.
Hatur punten bilih kirang, luput tina lelepitna, nu disanggi
mung ukur sieur jeung beunyeur, tebih tina saenyaan.
Panyampurna tangtuna ti nu ahlina. Seja tampi masing
tepi, ka para pupuhu kanca, anu surti, nu sasawa, nu
sasiwi, nu saini, nu sasunda, nu saindung, nu sasia:
I n d o n é s i a.
Dina mangsa kiwari, anu kanyataanana teges,
hususna keur bangsa urang anu pada-pada ngalalakon
kahirupan manusa, sangkan tepung jeung naon anu
dipaluruh, nyatana kasajatian diri, kamanusaan, mampu
nepikeun kana lalaku jeung lumakuna hirup anu ngama’na,
sarta bisa diwujudkeun dina sipat jeung tabéat anu nyata.
Taya bayana saupama ieu guaran urang bedah
jeung dipedar dumasar kana tata cara adat budaya pribadi,
geusan nanjeurkeun tangtungan diri kasampurnaan.
Sangkan pangajegna sajatining diri anu sampurna, pikeun
ngawangun tatanan hirup:
1. Katuhanan: sangkan ngadeg kasajatian diri
kamanusaan.
2. Kamanusaan: sangkan ngadeg kasajatian diri
kabangsaan.
3. Kabangsaan: sangkan ngadeg kasajatian diri
karahayatan.
4. Karahayatan: sangkan ngadeg kasajatian diri
kaadilan.
5. Kaadilan: geusan ngadeg kasajatian diri kamardiikaan.
Dasar anu lima di luhur, nyatana hiji gambaran pasti
pikeun nata lajuning hirup kumbuh pikeun nyahayakeun
wujud anu kasipatan ku karsa jeung kersana anu Ma-Ha,
geusan wawuh ka kujur katut pangeusina diri, sarta apal
ka papancén hirup salaku “Abdi anu ngabdi ka anu
kagungan abadina”.
Dina medar tur ngaguar harti anu misti ku mustari,
pikeun ajén-inajén kamanusaan, numutkeun anu
kapibanda jeung anu dipiwanda, dina kapribadian Manusa
Sunda anu disebut “Talari Paranti”. Hamo kudu landung
ku catur, hamo kudu panjang ku panalar, dina lumaku-na,
ngadadaran ku carita, pibahaneun ngudag élmu, ning rasa
kasampuraan, jeung , ning rasa ka- sampurnaan geusan
diri, dina hiji ajén anu tangtu, nyatana Ngolah Diri,
geusan:
Kasampurnaan: sipat laku (ules, watek), anu
nyahayakeun sinar (cahaya, asal) ti anu wasaNa,
geusan ngawasakeun ka anu diwasana, pikeun
ngabasakeun wasa pangawasa ku kersana. Sinarna
atawa pancer diri
Kasampuraan: wujud jeung laku anu nyinarkeun
cahaya sinar wasaNa, anu dina ngawasa-keunana.
nyinarkeun atawa mancerkeun
“Sampurna di wasa Gusti anu Ma-Ha, sampurna di basa
ingsun anu nga Ma-Ha.”
(Gusti Pancerna Sipat, Ingsun anu mancerkeun dina
kasipatanana).
Hirup geusan manceran dina sagala pangawasa
kersa anu geus di kersakeun pikeun nuju kana aji ning ka
sampurnaan hirup, tangtu mudu metik élmuning hirup
geusan ngahontal, tur ngagema keun diri, pangajian laku,
keur pangajén diri anu mangrupa:
1. A j i l u h u n g: sangkan diri (kaharkatan).
2. A j i K o m a r a: wibawa sangkan diri (kadarajatan).
3. A j i W i w a h a: sangkan diri (kamartabatan).

Tilu pangaji di luhur, dasar élmu keur nyipatan
lakuning lampah, ciri diri nu ngagema kasinaran ku
panceran asal, sangkan wawuh ka nu tilu dawuh nu
nyangking nyinaran galuh salaku jagat panataan rasa ti anu
ngarsaanana.
Tilu Dawuh nu nyangking di jagat panataan
(tempat cahaya Suci) anu aya dina diri nu nebaran
cahyaning ules watek, nyaéta sinar anu dawuh :
1. Nga – Sanghyang: (diri mijati katuhuan di alamna)
keur pangaji élmu suci anu apal ka anu kagungan
Wasa.
2. Nga – Rahyang: (diri mirasa kamanusaan di alamna)
keur pangaji élmu suci anu apal diri anu kahirupan.
3. Nga – Danghyang: (diri miraga kanusaan di alamna)
keur pangaji élmu suci geusan apal kana hak jeung
pancén mahluk anu pada-pada dicipta saalam
(kanusaan), anu campur sangkan sampurna.
Cahayana anu jadi ules watek tina tilu dawuh anu nyinaran
galuh, tangtu diri kawandaan sipat :
1. Ka-Wisnu-an (kawasanaan): hirup, mampu
ngadalikeun rasa jeung wasana.
2. Ka-Shiwa-an (kasahawaan): hirup, mampu
ngadalikeun hirup jeung sasamana.
3. ka-Brahmana-an (kabarahmanaan): hirup, mampuh
ngadalikeun laku jeung alamna.
Tilu cahaya anu nyipatan jadi cahaya nu disebut
ules watek diri, udagan anu dihin ku katangtuan, pikeun
nétélakeun kasampurnaan dina nataran tatapak
pahirupan, anu bakal jadi adeg pangadegna diri, pikeun
nyubadanan kabutuhan pasti. Ngahartian, patujuan
hirupNa, sabab:
Hirup anu ngusikkeun, hirup anu ngobahkeun,
hirup anu ngawasakeun, hirup anu ngarasakeun, geusan:
hirup kudu mawa cageur, hirup kudu mawa bageur,
hirup kudu mawa bener, ku alatan hirup nu kahirup, nu
kahirupkeun ku hirupna anu suci, ngabukti kalawan nyata.
Hirupna keur nuju kasampurnaNa.
Tri Pancer Silah
Tri Pancer Silah, nyatana tilu cahayana diri anu
mancerkeun sipat geusan ngahontal kasampurnaan diri
anu mibanda sinar:
1. Aji Luhung
Hartina, munel ku pangaweruh rasa jeung jiwa salaku
sarining diri anu teguh pengkuh tur ampuh timpuh
sarta awas dina ngawasakeun tur ngawaskeun pangawasa-na, nebarkeun élmu pangaweruh kasam-purnaan, ku dasar
taliti sarta nastiti saperti:
Tékad niat anu suci
Ucap lampah anu bukti
Pari polah nu merenah, sarta
Budi basa nu katata, bémakrama.
“ Patalina Diri ka Gusti ”
2. Aji Komara (Wibawa).
Gelaran lakuning diri anu nyangking patokan pasti, dina
ngajaga tur ngariksa ules watek tiap-tiap anggota badan,
anu masing-masing mibanda pakomna pancén séwangan
tapi teu luput tina ugerannana, kalawan mungsina, tétés
ngalumakukeun dina kahadéan. Tutup hasil
kamangpaatan. Naon rupa anu jadi lalakuan, tinangtu
ballik hasil ka sorangan, naon rupa sorangan anu geus
disorang, atawa anu tacan ka sorangan, dasarna mah, tetep
dina tapak paniatan.
Aji Komara mangrupa wangunan diri anu pinuh ku
sinar kasajatian hirup, tegesna mah laku paripolah,
kauleswatekan ku naon rupa nu dilakonan, pageuh ku
dadasarna kaihlasan, tur dibarengan ku Pancerna rasa jadi
sipat: ajénan, anteuran, hampuraan, mujian, jeung
hémanan. Jauh kana sipat dengki, ujug hiri jeung takabur.
Panceran Aji Komara, aya dina sinarna rasaning:
Pancerna laku: jujur ka diri, kukuh kana jangji, lemes
usap teuas peureup, heureut keupeul, lega awur.
Pancerna gawé: geusan mingpin diri sakujur, batur
sakasur, dulur salembur kalayan baraya sabuder awur.
Geusan hirup anu munel ku aji jeung pangaji diri nu
diolah ku karancagéan, budi jeung parangi salaku
wawangi diri, soméah, daréhdéh sarta hormat tilawat
ka sasama hirupna. Éta hasil tina ngasah akal jeung
pikir, sangkan lébér wawanén, jembar ku panalar, dina
ngolah jeung ngariksa hirup, ngudag tujuan geusan
ngajayak tapak, lalampahan sorangeunana: “Suci hing
pamrih rancagé haté”.
“Patalina diri ka sasama”
3. Aji Wiwaha
Hartina ajén-inajén kaparigelan diri dina ngolah
kamotékaran élmu nu weruh salaku kembangna diri,
munel ku warna rasa, budi jeung daya, karya jeung
karsana, pikeun panalar buah cipta (karya diri). Sugri
pangbakti sajining lemahcai, ngapak méga mébér jangjang,
hiberna lir manuk julang, ngambah saaweuhan dunya,
pakeun jaya weruh sadurung winara. Karsaning ngarancah
béntang, tinawur nebar caraang, pakeun ngembangkeun
talatah keur ngawangi lemah cai.

“Patalina Diri ka Alam”
Kawiwahaan (martabat) salaku diri diwangun ku
olahan dasar anu ngalahirkeun karya jeung karsa dina
kamotékaran élmu, ngolah hirup jadi kahirupan nu hirup
keur ngahuripan geusan nyumponan kabutuh alam
waruga.
”Niat anu hadé, tepung ahir jeung kahadéan,
Niat anu goréng, tepung ahir jeung kagoréngan”.
Ajén pangajén salaku diri
Ajén pangajén salaku diri numutkeun Sunda: lalakon
lampah dina pahirupan kudu diwangun ku olahan dasar
élmu dina tuturan adat jeung budaya tuturunan, karuhun
anu buhun, pikeun panataran tur panuturan ules watek
jeung paripolahna anu ngagambarkeun salaku manusa
Sunda sangkan mampu nyumponan: kabutuh alam jiwa,
kabutuhan alam pikir, jeung kabutuh alam waruga,
sangkan dina nata rasa jeung niti diri, aya kadali atawa
elésan, teu mangprung ngaberung sakama-kama, sakarep
ingsun. Aturan Hirup di alam panyorangan. Kudu
pengkuh kana aturan anu di sebut: “tata, titi, duduga,
kalih peryoga.
Tata (aturan léngkah) = tatapakan laku anu kudu
napak kana ugeran aturan talari paranti sangkan teu
ngarempak aturan, teu “pamali” (hasil kalakuan anu
sok jadi mamala goréng).
Titi (tahapan léngkah) = titincakan laku anu nincak
kana paniatan anu surti jeung nastiti.
Duduga (sawangan) = rupaning anu rék dilakonan
tinangtu kudu disawang heula saméméh disorang,
sangkan hasilna caina hérang laukna beunang, anu karasa pikeun kasalametan. (Wiwaha Yuda na Raga).
Peryoga = ukuran kamampuh pikeun ngajurung laku
dina hiji tujuan (kasanggupan anu diukur ku
kamampuh).
Saperti Ngolah jiwa, keur ngalelemu rasana, bisa di
geteran ku cara ngageterkeun sora-sora alam (Rahyang
Sora Pagendingan) anu mangrupa alat alat seni Buhun (
tradisi). Anu ngumandangna dina geteran galura jeung
daya geterna.
Conto leutik tina alat seni Buhun Sunda, anu
mangrupa :
Kacapi, Alat seni anu di jentréng atawa anu dipetik.
Suling, toléat taléot, tarompét, alat seni anu ditiup.
Kendang (alat seni tepak), dogdog, jeung réa-réa deui.
Karinding, celempung, kohkol jeung sajabana.
Alat alat anu nyangking galumbang, salaku
panggeter rasa anu bisa dirasakeun béda béda sérédétna,
tangtuna aya maksud jeung tujuan taya lian geusan
ngahudangkeun rasa, sangkan rasa ka hudang geter nu di
sebut: Jiwa Ngaras, jiwa ngarus-ras, jiwa nga Raas, jiwa nu
ngawaas. Ka jerona jiwa sangkan kahudang rasa anu
Rumasa.
Basa seni anu didangdingkeunana, nangtu jadi basa
keur pangjejer pikeun pangartian, nepikeun rasa anu
éling, jamparingna.
Basa seni anu dihaleuangkeunana, (ku Tembangna)
ébréh teges, salaku mawa “wawanti” tina sora jadi
sari keur panepi, tina sora iadi sari keur panghudang
rasa.

Sari sora nu maranti wawanti tangtuna mawa hiji
wawanti,atawa wanti wanti basa amanat atawa basa
talatah, anu ngajadi tali paranti geusan guareun, geusan
bacaeun , sangkan jiwa tetep kahudang sari rasa na
rumasa. Jiwa anu kageter jadi rasa anu: NgaRas-,
NgaRaas, Ngarus-ras, jeung Ngarumasa-keun.
Leuwih teges nu pasti dina ngawanti rasa, anu
nalutur dina galindengna catur, dina kecapna saur, tétés
jéntré eusina ukur pitutur, geusan: “pépélingan,
pepedaran, wasiatan, amanatan pikeun diri lumaku
hirup, wawuh ka kujur sangkan akur geusan diri keur
ngadirian nana.
Seni Buhun , salah sahiji cukang luang, anu
munel pisan ku aji ning diri reujeung ajén pangaji rasa,
geusan ngaguar diri anu mampu ngahudang sari na ka
wening ati:
Geusan nembrakeun rasa karumasaan.
Geusan ngalayeutkeun pangdeuheusan kawasana.
sarta
Geusan mentangkeun jamparing Dunga, PaNuhun diri;
ka dirina, kaalamna, tur ka Gustina.
Sakabéhna, nyata ka Ungkara, dina kecap nu di
susun jadi guguritan basa, dihaleuangkeun,di iring ku sora
gending, ngajamparing melesat ka alam wening, ngajajap
jiwa nu nyaring, ka jagat raya sinangling. Nya diri mirasa
éling……………………
Ka jembaran rasa
Kajembaran rasa mangrupakeun salah sahiji adeg
pangadeg rasa, anu jadi dasar panataan hirup salaku
manusa, anu kamanusaan.

Kajembaran rasa, mangrupakeun pondasi diri anu
kukuh, anu nguatan wangunan hirup, sangkan ajeg tur
pageuh, moal régrog dina nyanghareupan masalah hirup
sakumaha beuratna.
Sabab eusining sipat anu nyangking dina
kajembaran rasa. Nyata mibanda sipat-sipat diantarana :
Nyaahan, deudeuhan, asihan, hémanan, béréhan,
mujian, jeung anu nutama Hampuraan.
Tara: Sirik, pidik, jail, kaniaya, cegékan, cedikan,
cawadan, irén pinastrén, dudupak, rurumpak,
cawadan, geureuhan, teu kaopan, jeung teu payaan.
“Sing Saha anu miharep KaMulyaan, Kudu sanggup,
ngajauhan Dengki “
Mustikana ngancik jadi pamatri, dina ati anu
wening, dina rasa nu rumasa, jiwa nu wiwaha, kalawan
pikir anu ngarti. Teges cirina sipat anu ngaJati diri.
Kajembaran rasa tara kapolés ku rasa hayang
témbong diri, lain ucap anu gelar, lain lisan anu nyora tapi
témbongna jadi rasa, anu bisa dirasakeun ku rasa-rasa anu
sarasa.
”KaHadéan anu gelar ngan ukur lilisanan,
kahadé ngan ukur popolésan (basa – basi).
T a p i,
KaHadéan anu gelar ku laku jeung lampahna ,
Nyata teges Sarining kajembaran diri anu ngajati”.
Ka jembaran Rasa, ti nangtu, bakal teges buktina,
nyata aya salaku anu jadi cirina, ku kapribadianana, nyata
mancerkeun cahaya budi jeung basana anu katata.

Kajembaran rasa
Usik sajero ning cicing.
Obah sajeroning dada,
Usikna , maranti diri,
Obah na maranti rasa.

Nu nganteur ka lemah sungka
Nyangkaruk geusan kapuluk.
Pasir liuh peupeuntasan.
Ajrih ning rasa panggalih.

Milih rabi minda rasa
Rabi na ka sang gumati .
Rasa na sang guruh minda
Guru na weruh pituduh.
Japa na Aji ning diri. .geusan midiri!
Japa na Aji ning rasa….geusan mirasa !
Japa na Aji ning harti..…..geusan ngarti !
Japa na Aji ning kersa …geusan ngersa !.

Nyumput buni nembrak caang,
Buni sotéh niat ati, anu suci,
Nembrak caang, ku laku lampah nu nyata.
Nu di teundeun di handeuleumkeun,

Geusan paneuleuman nana.
Nudi tunda dina Hanjuang .
Geusan diri ngadaya juang,
Nya hamo luntur ku waktu,

Kapan tapak dina tindak
Kapan galur dina catur
Mun di téang tangtu panggih
Mun dipénta tangtu mikeun.

Nya hamo laas ku jaman
Mustika Puraga Jati Sunda

Pastina bakal ka pangggih,
Mangrupa balungbung timu,
Sabab jangji nu bihari,

Hamo nya sulaya pikir,
Anu misti, anu musti, tandes
diri nu nyakséni
Geus natrat tulisanana,

Mo sulaya, ka jangjina,
Teges nétés tur tétéla
Nya diri suratanana,
nya alam tulisanana

Kitabna jagat buana
Moal luntur ku mangsina.
Moal soéh daluangna.
Bacaeun sa tungtung umur

Nya haté kudu rancagé.
Teges nétés tur tétéla
Nya diri suratanana,
nya alam tulisannana

Kitabna jagat buana
Moal luntur ku mangsina.
Moal soéh daluangna.
Bacaeun sa tungtung umur

Cirina satangtung diri,
Carana sa tapak jagat,
Jembar rasa Nagara na,
Bukti na, Raga salira.
Ciri bukti, kajembaran rasa na manusa, teges
mapaésan hirup, ku nebaran sinar rasa, anu ngadangiang
kamulyaan sabab :
Hirup anu ngagema keun diri, pastina, tepung
jeung ka sajatian. Kudrat Pasti. Bakal apal kana Titis
jeung Tulisna. (C a g e u r ).
T i t i s, anu ngajadi wujud (manusa).
T u l i s, anu ngajadi sipat (kamanusaan).
Hirup anu ngagema diri jeung rasa ,pastina
tepung jeung ka Élingan. “kadar diri, Dihin jeung Pasti.
Dihin: kayakinan (hirup lain ka haying).
Pasti: Pasti ti anu mastikeun anu moal bisa dipungkir.
Apal kana Rasa jeung Rumasa
Rasa anu katarima,
Rumasa panarimaan.
Hirup anu ngagema diri jeung Pikir, pastina tepung
jeung kaparigelan. Geusan nanjeurkeun diri, dina nyungsi
Tapak jeung lacak palakonannana. (Bener).
T a p a k: alam nu geus di sorang,
L a c a k: alam panyungsian pilalakoneun.
Dina nyungsi lalakon diri geusan pilakueun, nuju
lengkah ka alam anu bakal di sorang, anu ngajadi upayana,
yén diri tetep nyawang alam ka tukang geusan narawang
ka alam anu bakal disorang, tinangtu bakal ngahasilkeun,
jalan tatapakan anu moal nyasar. Anu ngandung harti
bakal salametnya diri. silokana bihari ngancik kiwari,
nganjang ka alam pagéto (Supagi), pameulina nyata hirup
kudu :
Nyepi di leuwina diri.
Tapa di sagara rasa.
Geusan nga balungbung timu.
Jalan gedé sasapuan.
Tapak geusan pangeunteungan.
Ku semu, jembarna rasa.
Galeuh bitung haté kangkung.
Hurung nangtung siang leumpang.
Pangjugjugan, alam caang poé panjang.
Nagara tunjung Sampurna.
R a m p é s…

Dasar pikeun ngalalaku, pahirupan di alam hirup
kumbuh, alam jagat raya (dunya). dina sorangan atawa anu
kasorangan, tangtu aya nu marengan, dina masing masing
alam hirupna anu miwanda ciri jeung cara anu béda. Boh
ukurannana, tangtunganana, sarta pancéna, gumantung
kana kudrat pastina anu geus di kersakeun jeung di
karsakeun ku anu Mahana, tapi ukuran urang salaku anu di
gelar dialam jagat raya ieu, miwanda titis anu ngajadi
wujud, jeung tulis anu nga jadi sipat, salaku mahluk anu
leuwih ti sagalana, anu kapancén pikeun milaku
kamulyaan anu ka sampurnaan, sangkan wujud manusa
mibanda sipat kaManusaan.
Kamanusaan
Manusa dileuwihkeun ti mahluk anu lianna, lain ngan ukur
di aku leuwih dina kamulyaannana, tapi teges
dileuwihkeun sotéh dina rasa tanggung jawabna salaku
mahluk anu bakal jadi tunggangana mahluk-mahluk
sasama hirup anu di cipta geusan campur marengan dina
hirupna manusa, yén manusa téh salaku Parahu Hyang na,
geusan nganteur sakumna ciptaning gusti, kuda sampurna.
Ngan Manusa anu disebut sampurna tur Mulya téh
teges mibanda sipat kajembaran rasa. Diantarana boga ciri:
Welas Asih, Undak Usuk, Tata karama, adat, jeung
wiwaha Yuda Naraga.
Jalma digelar tina pangasalan cangkang geusan
Jalmaan (wadah hirup anu kosong). ngandung Harti, ngan
ukur di titipan pangawasa awal anu masih suci, tacan
kabangun tur tacan ka adegan. Tacan kasipatan.
Anu nyampurnakeun pikeun adegan, sipat jeung
ules watekna jalma bisa ngawujud ukur mahluk jalmaan
,anu ka wangun tur ka ules watekan ,ku sipat-sipat mahluk
lianan anu ka inum tur ka dahar ku dirina, lamun teu
mampu nyampurna keun nana sangkan sampurna. nu
buktina mahluk jalmaan sarupa kitu, tacan pas disebut
manusa, jajauheun disebut manusa anu kamanusaan,
sabab sipat anu ngancik dina ules watekna saperti sipat
Dengki, Sombong, Bohong. Amarah jeung sarakah, éta
sipat, anu dipibanda ku ules watek sato,jeung tutuwuhan,
Sipat Jalma sarupa kitu bisa di sebut “Wanara: teu
béda jeung sipat urang leuweung, ngumbar nafsu,
ngumbar amarah, licik, téga, tur sarakah.
Dina nata diri, dina nata rasa, jeung dina nata
kahirupan samar, bener, jeung hadé ukur pupulasan, nyata
ucap anu teu nyata, lampah teu bukti, ku alatan sinar haté
ngan ukur kabébénjokeun ku kahirupan anu dasarna,
Dunya jadi udagan.
Dunya, ngawatek, poho ka diri, poho kana rasa,
jeung poho kana jiwa. Sabab dunya atawa kadunyaan mah,
watek anu kuat, ngan ukur gambaran kahayang leuwih,
bari kapuasan moal ka panggih. Iwal ti ku Manusa anu
daék Tumarima.

Jalma anu di gelarkeun dina alam kadunyaan,
leuwih kuat hawa dunya, tibatan jalma anu di gelarkeun
dina alam Manusa.
Teges lamun manusa, anu di gelarkeun di alam
kamanusaan, tinangtu, leuwih kuat ujian jeung cobaan
hirup, geusan kasampurnaan, keur nga hontal kaMulyaan.
Sipat Jalma anu nitis manitis Manusa, anu
kasipatan, kamanusaan, bakal teges, dina lakuning diri
jeung ules watekna ,mibanda tujuan hayang
nyampurnakeun hirup anu ngarumasakeun yén hirup
dipentés pancén, yén hirup boga hak jeung kawajiban, tur
yén hirup téh, aya anu campur dina dirina, anu kudu
disampurna keun, pikeun kamulyaan dina lajuning laku
anu bakal di sorangna.
Manusa anu kamanusaan teges jalmaan anu
kapilih salaku palakon hirup anu geus jadi titis tulis na.
Kudrat pasti ti anu Ma-HaNa, sabab iwal ti manusa anu
bakal mampu ngalaksana pancén pikeun ngurus jeung
ngatur ,atawa ngarawat alam salaku titipan, ogé salaku
sasama hirup anu di cipta,
Manusa sampurna, campurna gumulung, geusan
ngajadi tangtung salaku mahluk anu linuhung, anu ka
Gungan ku kersaning anu maha AGung, anu maha kersa
jeung karsa, “Gusti anu maha kawasa”.
Sipat Jalma anu ka, manusaan disebut na; Cai
Ahung (CiHung atawa Ciung) hartina hirup anu di karsa,
rumasa yén hirup nyata papancén ti anu kawasa. ku nu Ma-Ha linuhung.

“Paralun , mung ukur gagambaran, tur sisigaan, tebih ka-nu
sa-enyana, yen dua sifat anu ngajadi ules watekna jalmaan

anu di simbulkeun tadi , bias ngabedakeun diri anu
kasipatan mana anu ngancik nyarungsum dina puraga jati
ning diri
Pikeun ngalarapkeun naon anu jadi udagan
pancénna hirup, anu ngarana Manusa, tangtu keuna ku
dihin (kayakinan) jeung tangtu (dasar), aturan hirup anu
nuju kana lalakon anu saenyana.
Ageman Kamanusaan
Tinangtu patokan jeung ukuranana aya dasar
agemannana, nu disebut Ageman KaManusaan.
Ageman. asal kecap tina “Gama, (Gema atawa
Gema, Na), nu disebut Sa-Wa-Ra, Sinar Wasa Na”, anu
ngajadi cahaya diri, anu dihin ku pastina, anu teu bisa
robah, dina katangtuan aturan gerak jeung gerik manusa.
Nyangking aturan jeung tata cara dasar ku élmu jeung
weruh.
Gerak nyatana hirup nu ngusikeun.
“Ka mi, Ka ma, Nu Sa”
Kamanusaan mangrupakeun élmu panemu pikeun
ngalokat diri sangkan apal ka :
1. Diri Na: mahluk anu di cipta ku kersa jeung karsa sang
Hyang Maha Cipta,…….. di sebut .hing “Sun Na.
2. KaLam Na: mahluk anu di gelar di alam na geusan
ngalalaku tulisan hirup jeung dihinna hing “Sun Da –
Na.
3. DaRah Na: mahluk anu marengan campur jeung
nyampur marengan hirup anu ngahuripan nana hing
“Sun Ha – Na.
Manusa Gelar ku tilu Tangtu,

1. Ka mi: Asih na Gusti anu nga jati Ruh Hyang, atawa
Ruh Suci.
2. Kama: Asahna Bapa, jeung asuhna Indung
(Gumulung), nu ngajati panitisan wujud atawa
RahMani, jeung nu ngajadi panétésan Ules watek (Sipat
rasa) RaHim.
3. Nusa: wangina sari ning Nagari.

K a m i :
Sipat mahluk anu ”T u h u” kana hirup, anu ngalaksana
pancén titis tulis, ti anu ngersakeun nana anu ngancik di
sang kuringna, sajatining wasa-wasa Na.
Hirup ku usikna, hurip ku obahna, sagalana
kersaning anu kagungan wasa. Ingsun darma lakoni, Geus
ti nu Murba hing wisésa. TuHu, ka anu nyiptakeunana,
“Gusti Pa Ngasih”, Katuhanan.
K a – M a:
Sipat mahluk anu “TuMut” ka anu jadi cukang lantaran,
ngagelarkeun ka alam dunya :
Indung anu ngandung, Tungulna Rahayu, salaku
(“Ambu PaNgasuh”).
Bapa anu Nga Yuga, tangkalna darajat salaku (”Bapa
PaNgasah”).

Indung jeung Bapa :
Cukang lantaran anu nebarkeun binih bibit awit
pangawitan (PaWit).
Wit = S I r.

Pa Wit = gumulungna Sir anu Nga Jadi. PaNgaWitan = Tempat ruang waktu, pangancikan
hirup awal (Lamut Kasih Indung, nu di sebut alam
Kandung Indung). Basa Simbulna, di sebut Palawangan
atawa Gowa PaIbuan, atawa Guha Pawon.
Indung jeung Bapa, salaku Karang Pawitan,anu
ngajadi cukang Lantaran gelarna Tuturus anu bakal nga
jadi “SaWa, SiWi , anu jadi Seuweu Siliwangi, hasil tina Sili,
Wangina kanyaah bapa, tur wangina ka asihna Indung,
Salaku Tingkeban ParaHu. Atawa SasakaNa. Tuturus anu
disebut anak = “SaWa SiWi salaku Kado emasna, atawa
PusakaNa. (KaWaHa Domas).
Kawah Domas, salaku Tungkeban Para Hu
Hyang, anu jadi Bibit awit di Palémbangan, geusan
Pamedalan salaku mahluk anu ngajadi pibakaleun,
gumantung kana patalian, anu nyipatan terah jeung Darah
na, dina Jangji awal (PaTaKa), mangkana saupama mahluk
anu di gelarkeun jadi Jalmaan, ti luluhurna, lamun teges
Sampurna dina Kamanu-saannana, mangka hing geusan
kudu nyahayakeun Mahluk jadi Jalmaan anu ka Manusaan,
aya dina patalékan para Guru Hyang, anu ngabédakeun ti
mahluk anu liana, atawa NgaHing Sun Medang KaHuripan.
Bapa. Anu nuruskeun Terah, teges Kapapancén
geusan ngajayak tuturus dina ngolah hirup, nurunkeun
élmu pangaaji Panalar diri, pikeun darajatna,
(Komarana).
Indung anu nuruskeun Darah, teges kapapancén
geusan ngaasuh tuturus dina ngalarapkeun élmu pangaji
Pangulas rasa pikeun Martabatna, (Wibawana).
Indung jeung Bapa salaku SasakaNa,
Tuturus salaku Pusakana Indung Bapa

N u – s a :
(Sari Pati Alam) = Ku Dat na, Anu ngajadi cahaya. Cahaya
rupa, cahaya daya, cahaya rasa, tina sari patina,
paHirupan, anu nyampur ngawaruga (Bugang), dina
kahirupan anu ngahuripkeunana.
Alam kahirupan jeung Kahuripan, pikeun
nyampurnakeun sakumna mahluk anu kumelit di alamna,
nyampurnana, ku alatan “NuSa” ,jadi bahan pikeun
pahirupan, kahirupan, tur pahuripan jeung kahuripan.
Gumulungna Sari pati alam, dina sawarugana
mahluk, mampu medarkeun hiji sipat, atawa ngajadi ules
watek anu nganteur laku jeung lampah na atawa adat
jeung kabiasaanana. Contona sipat Sasatoan, gurat
badagna, nimbulkeun pasipatan diantarana:
1. Sipat Nafsu birahi,
2. Sipat Nafsu Sarakah,
3. Sipat Nafsu Amarah,
4. Sipat Nafsu Ngawasa, jeung réa-réa deui.
Sipat Tutuwuhan, gurat badagna pasiatan,
diantarana:
1. Lungguh,
2. teguh,
3. ngasuh,
4. angkuh.
Ules watek sasatoan jeung tutuwuhan, ogé
kageteran ku sipat pangasalan hirup, sari patina, sipat
Bumi, sipat Seuneu, sipat Cai jeung Sipat Angin.
Diantarana:

Sipat Bumi: Sabar, subur, sebar, nyurup Nga-adegan.
Sipat Seuneu: Panas, caang, niyurup Nga-Sinaran.
Sipat Cai: Hirup, hurip kahirupan. nyurup Nga Huripan
Sipat angin: seger, dalingding. Hawa, nyurupna Nga-Hawaan
Gema atawa Gemana
Hirup anu Ngagema katuhanan, Teges laku ning diri dina
hirupna mibanda rasa karumasaan kana karsa jeung kersa
Gusti anu Maha Kawasa (kaluhungan).
Hirup anu ngagema kamanusaan, teges lakuning
hirupna mampu ngalaksana sipat anu nga wanda darajat
na Bangsa (Komara).
Hirup anu nga gema Kabangsaan,teges lakuning
hirup, mampu ngalaksana sipat anu mi banda daya cipta
karya jeung karsa geusan mibanda (Wiwaha). Atawa
mibanda ajén pangajén diri, ajén ka sasama hirup anu,
surti kana hak hirupna alam anu lian, anu ka RahHayatan.
Hirup anu ngagema keun tilu tangtu dasar
pakeman hirup:
“KaTuhanan, kamanusaan tur kabangsaan, anu
kaRohHayatan, dihin jeung pastina diri, dina nga asuh
hirupna, bakal mampu nataran jeung nuturan Rah jeung
hayatna keur ngajagangan carita anu dilalakonkeun di
alamna ku sipat KaAdilan”.
Hirup anu mibanda sipat ka adilan, ta ngtu
lakuning hirup anu nungku, pinuh ku kajembaran rasa
jeung rumasa diri.
Dina ules watek anu jadi lakuning kaAdilan dirina,
nyata ngawujud jadi “CahayaNa (Nur), atawa Wujud anu:

ka sinaran (“Mardhi Ika“). Diri salaku anu jadi
Cahaya Gusti, dina (Pari polahna).
Cageur awakna, Bageur lacuna, tur Bener élmuna.
Kamardhi Ika an atawa Wujud anu Ka sinaran,
Katuhanan: nga ules watek, “Kersana”: sadar, sadrah,
Pasrah jeung tumarima.
Kamanusaan: nga ules watek ku cara cirina, ku dihinna:
welas asih.
Undak usuk
Tata karama.
Adat istiadat …jeung
Wiwaha Yuda Naraga.
Kabangsaan: ngaules watek ku cara cirina, ku pastina:
Bangsa mibanda R u p a
Bangsa mibanda B a s a
Bangsa mibanda A k s a r a
Bangsa mibanda Adat Istiada
Bangsa mibanda B u d a y a
Kabangsaan nyangking salaku darma wangsa ka
Nagara, pikeun nyangking papancén pasti panebaran ules
watek anu kaRohhayatan, ciri bukti béla diri jeung sasama
natar nutur lajuning ajén pangajén, geusan ngolahlaku,
diantarana
Diri Nyaah ka Sasama.
Diri Béla kaBangsaan.
Diri Bakti ka Lemah Cai.
Diri Ngarumat ngaramat ka Budaya.
Diri Ngawangi keun Nusa sari Nagari. (turunan).
Wawuh ka Diri ( wawuh ka kujur). Luyu kana ajén
Sari ning Sunda pikeun Manusa Sunda Geusan Nyunda di
alam Panyundaan ieu, milarapna, ku ules watek sipat tur
paripolah, anu natrat teges geusan:
SUNDA
Sunda anu jadi tutur dina Panglokatan Panyundaan-nana, geusan pangadeg na anu teges, pikeun Jelma,
(Jalmaan), sangkan jadi “Manusa”.
Diri Na (IngSun Na).
Diri , sangkéhan tina kecap awal Da jeung Ra.
“Da”, ngandung harti buana (Alam).
”Ra”, cahaya, Sinar, ules watek, atawa saNur nu di
kawasaan.
“Na”, Anu kagungan karsa jeung kersa, anu “teu wujud,
teu ngaran, teu ngarupa.

Tunggal dina tunggul.
Manunggal sarta manunggul.
Ngancik sajeroning ancak.
Usik sajero ning cicing.
Obah sajero ning rasa.
Nu asal ngahirupan usik.
Nu asal ngahirupan rasa.
Nu Maha Agung ( AHung).
Dat asal, pa asalan.
Pangasalan, Pangawitan (Wiwitan).
Anu jadi bibit kawit anu nga Wit , (KaAWitan).
Tampa wates ku ambahan.
Tampa wangen ku pedaran.
Tampa mampu di basakeun.
Geusan medal babasaan.
Tina basa ku wasana.
Unggeukna : “Anu Maha Sagalana” ..Pun !.

Tegesna anu disebut Diri, cahaya alamna salaku
Pancer Silah, atawa sipat tina kawujudan.
KaLam Na, atawa alamna ( Da – Na),
Ka = pangancikan ,
La = pahirupan,
Ma = PaJatian.
Tegesna alam sorangeun, anu bakal di sorang, tur
sorangeunana pikeun panyoranganana disebut lalakon
titis tulis (Sorangan ‘Na).
SaSaMa Na (Sa Ha – Na). Sasamana = anu marengan tina :
Hirup = usik jeung obahna pangawasaNa.
Hurip = nu di usikeun jeung nu di obahkeun
pangadayaNa.
Nyata anu nga Hana (Aya hirup kersana),dina sajeroning
usik, jeung obahna, tur saluareun, rupa jeung wujud Na.
MANUSA
Jatining Gumulung Campur anu bareng, Parahu panganteur
ka sampurnaan anu campur, geusan “Nyorang” ka Alam
Caang, poé Panjang, Jalan gedé Sasapukan, Nuju ka NaGaRa
Pangkonan Gusti, Nagara Tunjung Sampurna, SaWaruga,
SaWara Jati :
Sunda, ngandung harti tatanan pari polah hirup,
anu Dihin ku Tangtu carana, Papastén ku Pasti dina
cirina, pikeun ngawujudkeun, ngabuk-tikeun, yén mahluk
anu gumelar di ieu alam jagat buana pancer tengah. Teges:
kudu ngalaksana sagala anu geus jadi pancén keur
nyubadanan nampa Hak jeung Kawajiban lalakon anu
geus jadi titis tulis ti dituna (Kudrat Pasti).
Asal anu tuna sagalana
Tuna nyaeta Sagalana ti anu ngarsakeun
Tuna – r a g a
Tuna – r u p a
Tuna – r a s a
Tuna – b a s a
Tuna – w a s a.
Tuna – w a n d a.
Tuna – b a n d a.
Urang darma ngalalakon, ngalaksana
(Ngamalakeunana). Éstu sagalana dikersakeun, tur
dikarsakeun, ti anu ngersakeun jeung ngarsakeunana (ku
Dia Hyang), anu Maha Agung (ku datna) sangkan :
Ngadegna, karsa jeung kersana, anu jadi wasa dina
kawasana.
Mampu “Ngawasakeun ka anu di kawasaannana,
pikeun ngawasaan sagala pangawasana, sangkan Awas
kana pangawasana”.
Ngadegkeun anu Maha Agung, dina Ngamaha
keunana, ku anu kaunganana, teges, dina Ngamala
keunana, (Ngamana):
Ngamaraga jadi miraga.
Ngamarupa jadi mirupa.
Ngamarasaj adi mirasa.
Ngamabasa jadi mibasa.
Ngamabanda jadi mibanda.
Ngamawasa jadi miwasa.
Ngamawanda jadi miwanda.
Ka – Ma, Sari ning Pati Cikal Bakal, cukang
lantaran ti nu sa asal, pi bahaneun wadah Sukma , RahMani
ti sajatining nu kagungan Jadi.
Nga Ma = Nyawujudna RahMani nu sa asal pikeun
ngawaruga jatiNa. sajati ning Hirup. Jadi Pangakuan, jeung
Pangalakuan. Mun diaku kudu jadi Laku jeung Lampah.
Sunda, nyangking pancén, nyusun deui anu
katunda, dina sasari ning waruga anu geus ngajati,
sangkan Sampurna nitis Sawaraga, (sawaruga). dina
Sora Uga nu Sampurna.
Sampurna na, nyata dina Campurna sakabéh anu
kawasaan kunu asal, gumulung nyangking sajeroning
Cangkang ngawujud rupa nu kasipatan (Waraga).
Satiap Anggahuta badan, anu miwanda ciri dina
sadirina, teges mibanda cara saragana, ngawatek Pancer
Séwangan, tetep ngarujak-ngarujuk, Tunggal SaDaMi, sa
wasa-wasana, aya pangawasa jeung awasna:
Awas kana wasa, keur ngaAwas keun naon anu di
wasakeun ku, pangawasana.
Wasa anu di kawasakeun jadi pangawasana, teges dina
ngawasakeunana.
Susunan wali Sawaraga anu Nawaruga:
Wasana Panga-wasana
Ngawasakeun-na-na.
1. Panon Tingal. Sidik = ka anu di Reungeu keunnana
2. Ceuli. Dangu Seukeut = ka anu di Rungu
keunnana
3. Irung. Ambung. Teges = ka anu di
Angseukeunna-na
4. Biwir. U c a p. Tetes = ka anu di
Lisankeunna-na.
5. Uteuk. P i k i r. Telek = ka anu di
Sawangkeunna-na.
6. Sarap. R a s a, Teteg = ka anu di
Rusraskeun-na-na
7. Jantung Renghap. Teger = ka anu di
Lenyapkeunna-na
8. Leungeun Rampa. Tapis = ka anu di
kupiskeunna-na
9. S u k u. Lengkah Tandak = ka anu di
Tincakkeunna-na.

Susunan Wali Sajiwa anu Nawarajati.
1. S i r Geter anu nyangking ka
hayangan,geusan ku pamilih Ati.
2. R a s a Buah hasil tina tepungna antara
geteran,panyangkingna wasa,
3. Cipta Geter anu nyangking diantara
pikir,keur ka hayangan (gambaran).
4. A k a l Upayaan geusan tepung kahayangan,
panyungsian jalan tujuan.
5. B u d i Wasa anu nyanking dina pamilihna jiwa geusan nga basa usik rasa.
6. Da y a Wasa anu nyangking dina waruga
geusan ngabasakeun usik raga.
7. A s m a Wasa anu nga wasta (nga-ra-na),
warugana
8. S u k m a Ruh hirup anu ngusikeun, alam pikir
(akal)
9. lelembutan. Ruh hirup, nu ngusikeun alam sadar.
Nyusun Basa anu kudu dibasa keun. jeung Wasa
anu kudu diwasakeun, Maca keun lalakon, salila léngkah
ngasuh hirup, ti awal gelar ka alam na, nepi ka ahir hayat
na, geusan, masrahkeun ka anu ngagelarkeunana, asal
gelar dina ka aya an suci, mulang kudu suci, malah
ngantun gé kudu ninggalkeun kalam anu suci, geusan
nitiskeun tur nétéskeun ka anu di kantun, nyata tuturunan.
Sunda, asal kecap awal tina:
Sun = Ku Réhing, atawa mahluk cipta ning. Kuring Na, anu
mibanda:
o Cahaya
o Jati
o Wasa
Da = sang Kurung (Ku Ruhung), (anu di barengan),
nyatana kurung, Na,
o Kurung Na.
o Waruga Na.
o Wujud Na (anu kawasa an).
Na = nu hirup, (nu ngusik keun, nu ngobahkeun, nu
ngarasa keun, nu nganyaho keun, jeung anu ngahartikeun.
Sun, atawa SunNa, ngandung harti mahluk nu
dicipta.
SunDa, atawa Sun Daha =mahluk anu di cipta
dipagelaran (alam hirup,na),nu di sebut DaNya atawa
DunyaNa, (Ingsun Medal).

Ingsun medal tandang nyangking ka Hyangan
Ingsun medal tandang nyandang ka Hayang.
Ingsun medal tandang ku Dia Hyang.
Ingsun medal tandang nyangkuring Caang
(Sang Kuring, sang Hyang, ka barangan ka beurangan).
Sunda, bisa ngandung harti, tataran alam jagat
buwana anu geus dihin ku pasti, pikeun tatapakan
ngalalakon, mahluk anu di cipta, geusan ngalalaku alam
hirup lalakonan, dina patapakan,anu ngeunaan kana
pangalaman, nu di alaman, sangkan ngajadi alamna, tur
nga jadi kalamna, patangtu an Titis Tulis na. Hasil dina
panyorangan, ku sorangan, nu ka sorangan tur keur sora
ngana.
Sorangana pituturna, nya anu Maha, nu nga wasa
keun. Nyorangana ngalisanna, nyata ingsun anu
ngumaha, anu nga basa keun:
Sora geusan jadi ucap, Nyora geusan jadi lampah..
Kedal ucap, ku basa na.
Medal lampah, ku wasa na.
Ucap sora: Nga Ungkara jadi lisan jeung haksara.
U c a p: Pangawasa sora mahluk, pikeun nepikeun
kereteg anu jadi panganteur maksud jeung kahayang,
nu mangrupakeun sorana eng, ngang.
S o r a : anu negeskeun ciri-ciri sawara na mahluk.
Sora anu jadi ucap disebut : Kecap, ngan aya di Manusa.
Kecap: kedal lisan, anu nga ungkara nepikeun maksud.
B a s a
Basa sora: runtuyan kecap anu nga ungkara mangrupa
kalimat (nyawara). Paparan keur nepikeun maksud.
Basa rasa: paparan nepikeun maksud tina gambaran
anu nga ungkara kaayaan haté, ébréhna aya dina gurat
Raray, (beungeut, rupa, pameunteu). Raray: Cahaya
anu nga ungkara kaayaan haté.
Basa Awak: paparan pikeun nepikeun pamaksudan
ucapan, anu di lisankeun ku usikna awak, angonan
badan.
Basa Haksara: paparan pikeun nepikeun pamaksudan
nga ungkara ucapan ku mangrupakeun simbul tulisan
(Haksara Hurup jeung haksara Angka).
Basa Badaya: Paparan pikeun nepikeun pamaksudan
dina ngaébréhkeun gerentes haté, pikeun ngaungkara
gambaran ka hirupan, anu di tepikeun ku mangrupa
hasil karya seni.
Lampah nga ugara jadi tulisan, salaku tutur
jeung laku pikeun panga aji ka diri (pangajén diri), panga
harti (pangarti).

AHUNG SWASTI ASTU
PURANA KARSA
Sampurna di wasana anu maha.

PURAGA KERSA

Sampura Na, di Basa ing SunNa, anu NgaMaha.
Tedak ing Wang kawasa Na, tedak ingsun hing kang di
wasa.
Tedak kang pitutur laku,
Pitutur kang ing Ruhmuhun.
Nu ngarsa linggih Tumuhu
Mager alam ingwang NuSa SunNa.
Nusa HaNa,……. Nusa CaRaKa.
Nusa DaTa ,……. NuSa SaWaLa.
Nusa PaJaYaNya
Nusa MaGaBaNga.
Nitiskeun sari paaji, nétéskeun sari paharti,
geusan keur ngarumat rasa, sangkan keuna kana titis tulis
diri, kudrat pasti ti Hyang widi, keur nangtung keun
kadihinan (kayakin an), takdir diri, kadar awak, dumasar
kana sagala papastén anu geus jadi katangtuan ti dituna.
Pikeun ngawujudkeun tangtungan pangadeg diri, jeung
jati, geusan kumawula, nyabdakeun ka anu kaGung an.
NgaRasakeun
Nga Rasa keun, NgaRas keun tur NgaRumasakeun.
Ngarasakeun, tepung:
Nga= engeuh,
Ra=cahya
Sa=teges
Ngaraskeun, Nampanan:
Nga= engeuh,
Ras= dirasakeun
Ngarumasakeun, Tumarima:
Nga= engeuh,
Ru=nyahayana,
Ma= jati ning suci kuringna,
Ra=cahya Sa=teges, keun
Wanda jeung Banda
Salaku mahluk anu miwanda wujud jeung rupa
anu ka Wastaan, nata tapakna, teu saru, antara pangakuan
jeung Palakuannana.
Titis: ngandung harti, rupa atawa wujud disebut
(ngawanda). Tulis,ngandung makna, nu negesan tabéat
atawa sipat, di sebut (ngabanda).
Contona, lamun mahluk ngaWanda Sato, tangtuna
ogé, pasti wiBanda sipat, kasatoan. Lamun mahluk
ngaWanda Manusa, tangtuna ogé pasti miBanda sipat
kamanusaan.
Wanda jeung banda, teu misah, tampa diantaraan
ku wates jeung ruang pamisah, dii sebutna (Gumulung).
Wanda gelarna Ules watek (Sipat), Banda (Pakaya
WasaNa). Upamana, Gula jeung amisna, Uyah jeung asinna,
seuneu jeung panasna, panon jeung tingalna, jeung réa-réa
deui conto anu liannaa nu sarua. Tapi anu béda ngan kadar
jeung pastina, gumantung: paragina, gunana, katang-tuanana jeung ngamangpaatkeunana,
Kanda jeung Kara
Aya Wanda, aya Banda, tangtu bakal jadi Kanda
atawa kara.
K a n d a, lalakon hirup ngangking ka hadéan
sakumaha kudrat pasti ku alamna (bukti wujud nyata).
K a r a, lalakon hirup nyangking kahadéan
kugambaran alamna (panyamaran antara bener jeung
salahna).
K a n d a : tatapakan awal jeung ahirna ciciptan,
anu gelar di alam tempatna, dina titis tulis ku pastina,
datang jeung mulangna di pagelaran ka pangbalikanana,
tinangtu ka asal wiwitanana, nu disebut
“Mulih ka Jati ning Suci, Mulang ka jagat ning asalna,
ka alam caang, poé padang, tara bangsa, nagara
tunjung sampurna” (Pang Lokatan).
K a r a : tatapakan léléngkahan awal jeung ahirna
hiji lalakon, di sarungkeun ku panyamaran jeung
gambaran ,keur nangtu keun hiji kahayang, ku katangtuan
: Bener jeung salah, kudu jeung ulah, karma jeung pala,
pang bibita jeung panyingsieunan, anu jadi aturan atawa:
Dogma: hasil buah pamikiran anu bisa jadi, Aturan
nu lahirna, ku panyarungsuman antara akal nyambung
jeung nafsu, anu di sebut “KaRa. (olah pikir nu hirup),
atawana aturan nu gelarna muraga jati, tepungna antara
akal jeung rasa. (Pangabaran) nu di sebut “Kanda.
K a r a : nyandang pangaraksa nu Murwa daksi ing
pasti.
Kanda: nyangking kersa hyang Maha Murba hing
Wisésa, Tanpa rupa, tanpa sora tanpa warna, , tanpa:
Panegesan di luhur, mangrupakeun katangtuan
keur anu NgaMaHa, kanu kaGungan Ma-Ha. Sangkan nuju
kana hiji bener, ku rupaning wujud bebeneran, geusan
tepung jeung tujuan bener anu hiji. ”Anu sa enya-enyana
bener” (Aya Bukti anu Kanyataan).
Satiap wujud, tangtu ngaWanda rupa dibéré
ngaran atawa(Wasta), tur mibanda Ules watek (sipat).
Teges jadi ciri anu ngabédakeun antara mahluk hiji, jeung
mahluk anu liana, saperti :
Wujud anu di wasta (ngaran), mi Wanda (rupa)
Jeung miBanda (Sipat), mangrupakeun karsa jeung karsa,
ti Kudrat PastiNa. geus ngajadi “Titis Tulis, jeung
Tulisannana, dina Kalam Sorang-sorangna, saperti:
Wastana, sato, tuwuh (tangkal), seuneu, cai, angin,
taneuh, jelema, jeung réa réa deui mahluk anu liana, pada-pada nga bangsa an séwang séwang (titisan).
Ka sipatan ku carana hirup séwang-séwang, anu
geus di tangtuan ku kapastian (tulisan) anu jadi laku jadi
lampah pari polah kabiasaanana. Tapi anu di sebut alam
hirup jeung pahirupan, tinangtu mampu ngahirupan sipat
ka mahluk anu merlukeun kabutuhan, keur nyumponan
kabutuhan jasadna (parab Jasad), bias mangaruhan sipat
anu ka parabannana.
Tapi lamun Jalmaan Mahluk anu jadi wadah sipat,
salaku Manusa anu kamanusaan, tinangtu bakal mampu
nyampurnakeun tur ngimbangan sagalana sangkan katutur
ku sipat anu jadi ka hadéan.

“Hadé tapi Kahadé”
Hirup geus ti di tuna.
Bongan tuna sagalana
Hirup nu ku kersana
Keur nusana
Hirup nu ku karsana
Keur nu karasana
Nu sasawa, nu sahudara
Nu sada, nu sadara
Nuhu, nu tuhu
Ku Dia Hyang, hirup geus ti di tuna, asal tuna
sagalana, ka usikan, ka obahan, ka wasaan tur ka basaan,
(Hirup lain ka hayang, tapi ka hyangan, ku pasti Na (kersa
Abdi, karsa Gusti).

PARIGEUING GEUSAN NYUNDA
Pari geuing, mangrupakeun pitutur pikeun milaku sipat
anu Nyunda, keur ngayoman, cirri dina diri, tur cara anu
nyoko dina Uga, malar pi bahaneun, bekel hirup di alam
jeung papadana, luyu kana tujuan hirup anu sategesna
nyatana Nyicipta Kamardhi ikaan (Merdéka).
Panegesan kaluhungan élmuning Sunda geus teu
ka ukur ku catur, atawana katalar ku baca, tapi ébréh teges
dina pari polahna jadi pangakuan dina lalakuan, sabab
tangtuna ogé sagala anu dirasa, anu karasa, tur hasil dina
pangarasaan, ngajadikeun hiji ajén dina nyumponan
pancén pikeun tumarima iwal ti ku medalkeun rasa, ku
karumasaan.
Ayana rasa, rumasa jeung tumarimana manusa
dina élmu kamanusaan tinangtu bakal nga wujudkeun hiji
Bangsa anu kabangsaan, anu geus di tangtukeun ku Sang
Hyang Maha Kersa ( Gusti anu Maha tunggal), anu geus jadi
hiji papakon patakonan, ti sang Hyang Luluhur Sunda, anu
negeskeun :
“Nu kangken bijil ti Nirmala ning lemah. (rasa rumasa)
ngarana inget disanghyang siksa. (tumarima) mikukuh
talatah ambu, bapa, aki lan buyut, nyaho disiksaan maha
pandita mageuhkeun ujarning kerta”.
Éta diluhur negesan talatahna aturan-aturan
hokum dumasar kana “Cipta, Karsa jeung Kudrat”, tegesna
yén Manusa Sunda :
Ulah mopohokeun ka anu nyipta (Tuhu ka Kersana
anu disebut KaTuhannan).
Ulah Nyapirakeun kana talatah tur piwejang para
karuhun. (Tumut ka Luluhur).
Ulah ngaliankeun ka sasama ciptaning Gusti, ajén ka
lemah caina. Anu jadi pangasalan sarining patina anu
marengan.
Sangkan pinanggih jeung
Kawaluyaan, karaharjaan, tur kamulyaanana,
Mulus Rahayu berkah salamet,
Cageur,
Bageur tur Bener,
Mulus lalakon jasadna,
Rahayu lalakon gawéna,
Berkah ku nilikna,
Salamet lalakon juangna,
Cageur Awakna,
Bageur Kalakuanana.
Tur, Bener Élmuna.
Dina Papakon diluhur, tinangtu anu utamana,
geusan ngawasakeun jasad sadiri, salaku kawasa Gusti anu
maha Tunggal, sa muduna di jaga di jaring, dina ujaring
talatah luluhur anu di sebut “Dasa Kerta.
Dasa kerta “Pamali”
1. Ceuli ulah rék ngadéngé, anu lain déngéeunnana. Sabab
bakal jadi mamala.
2. Panon ulah sa ténjo-ténjona , lamun anu teu pantes
ténjoeunana.
3. Kulit ulahnepi ka samara rasa samar polah, alatan karo
béda ku pangaruk panas jeung tiisna.
4. Létah ulah salah dina mi guna rasa jeung
ngarasakeunana.
5. Irung ulah sa ambeu-ambeuna mun lain
ambeukeuneunnana.
6. Sungut ulah rék sambarangan ucap lamun lain
ucapeunnana.
7. Leungeun ulah sa cokot-cokotna,lamun lain
cokoteunnana.
8. Suku ulah dapon ngaléngkah lamun lai tincakeunnana.
9. Tumbung ulah dipaké nu lain muduna, utamana dina
dina harti hubungan badan.
10. Baga purusa ulah dipaké nyacapkeun silih pika asih,
jeung nu lain hakna.
Dasa Prabakti. Tatakrama.
Nata dina bagbagan anu dipaké pikeun hirup kumbuh
jeung papada, dumasar dina ayana Tatakrama, anu jadi
salahsa hiji cara jeung ciri anu mudu kapibanda ku manusa
Sunda saperti :
1. Budak Tumut ka Indung Bapa.
2. Pamajikan satia tuhu ka salaki, salaki satia tuhu ka
pamajikan.
3. Siswa Tuhu ka guruna.
4. Patani tuhu ka Wado.
5. Wado tuhu ka Mantri jeung sajabana.
Dumasar kana ayana Undak usuk dina susunan kulawarga
atawa dina pataréma pancén pikeun nyumponan harti
tunduk atawa tumut anu jadi pa Tuhuan, kana tangtuan
hokum jahirupan salaku manusa tunduk ka Hyang (nu
maha kersa).

Dasa Prasanta :
Nya éta sapuluh cara pikeun panggih jeung katingtriman
haté, anu kudu dipilampah. Ku singsaha anu keur ngalaju
ning laku dina pahirupanana, saperti:
1. Guna (wijaksana).
2. Rama (ramah).
3. Hook (deudeuh).
4. Pésok (kataji).
5. Asih (héman).
6. Karunya (mikawelas).
7. Mukpruk (muji).
8. Ngulas (niténan hasil gawé).
9. Nyecep (ningtriman haté).
10. Ngala angen ( ngagumbirakeun).
Tegesna dadaran anu diluhur, mangrupakeun anu
katimu, ku manusa Sunda, dina ngolah tapak dasar hirup
anu sategesna geusan nyubadanan tujuan ngamulyakeun
ka sampurnaan hirup, di dasaran ku budi basa anu
merenah katarima ku anu lian , matarémakeun rasa
kasugemaan keur haté nu lian
Jembarna Manusa, nyaéta. Anu bisa méré
kasugemaan, ka genahan ka na haté papadana:
Nulung ka anu keur butuh.
Nalang ka anu keur susah.
Nganteur ka anu keur keueung.
Nyaangan ka anu keur poékeun.
Pari geuing au nyangking dina eusining Dasa
Prasanta, teges némbongkeun atawa nyicirénkeun
kaluhungannana jeung kalantipan budi manusa Sunda
bihari, dina nata ngawangun ka sajatian ules watek budi
daya dina sagala widang saperti :
1. Nata ngawangun Rasa jeung rumasa. (kaTuhanan).
2. Nata ngawangun Jiwa (kapribadian, kaManusaan).
3. Nata ngawangun Pribadi. (kaBangsaan).
4. Nata ngawangun Prilaku (kaRohhayatan).
5. Nata ngawangun Nagari (kaAdilan).
Pikeun kapengkuhan nyicipta ka tingtriman,
rahayat jeung somah dina ngawujudkeun lalaku dina sipat’
“Silih asih, silih asah, silih asuh, keur wawangi nagri.
Geusan ngajembarkeun rahayat ku kaadilan, ngamerdika
keun Bangsa tur Nagarana.

6 responses to “Puraga jati sunda

  1. I blog often and I truly appreciate your content. The article has really peaked my interest.
    I’m going to take a note of your website and keep checking for new details about once per week. I subscribed to your Feed as well.

  2. Hi, i read your blog from time to time and i own a similar one and i was just wondering
    if you get a lot of spam remarks? If so how do you
    stop it, any plugin or anything you can suggest?
    I get so much lately it’s driving me mad so any help is very much appreciated.

  3. hello!,I really like your writing so so much!

    proportion we communicate extra about your article on AOL?
    I require a specialist on this area to resolve my problem.
    Maybe that is you! Taking a look ahead to peer you.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s