Aurod rasa

KAJADIAN MANUSA
Sabagéan élmu anu ngajugjug kana ka-Pangéranan nyaéta bab Kajadian Manusa anu mimitana ngawujudkeun
bibit. Bibit ieu bakal dijadikeun manusa nyaéta Roh-na. Roh ieu dicampur jeung roh jasmani kawuwuh Kudratna
Gusti Allah swt. Tuluy nétés kana ‘bumi suci’.
Nyatana nganjrek dina rahim indung salila salapan bulan kalayan runtuyan kieu:
Bulan kahiji: kakara ngagepéng.
Bulan kadua: disebutna MOJUD
Bulan katilu: aya RUPA – di dieu mimiti diterapkeun KULIT.
Bulan kaopat: WUJUD, di dieu mimiti diterapkeunana UTEUK, nu matak sok mimiti kekerejetan.
Bulan kalima: NGADEG, diterapkeunana URAT, numatak sok bisa cicing anteng.
Bulan kagenep: Jadi tulang, numatak di jero beuteung bisa naék.
Bulan katujuh: jadina RUPA, RAMBUT, GETIH, DAGING.
Bulan kadalapan: Kajadianana “dulur anu opat, kalima Pancer,”
Bulan kasalapan: kajadian Jabang Bayi sagemblengna.

Ari nu disebut “dulur opat kalima pancer” diwangun ku:

1. Bali; nu jadi poko kacangcayaan tur karunyaan ka sasama mahluk.
2. Pamungkus; nu jadi poko tanaga atawa kakuatan.
3. ARI-ARI; Nu jadi poko kana jalan kahadéan.
4. GETIH. Alamat sambung-rasa ka malaikat Ijroil.
Jasmani ieu diriksa ku opat malaikat, dawuhan Allah:
Keur satiap manusa aya (malaikat) anu ngajagana kalayan parentah ti Allah swt. (Q.S. ArRad: 11)

1. Malaikat Jibrill ngariksa KULIT;
2. Malaikat Minkail ngariksa TULANG;
3. Malaikat Isropil ngariksa URAT;
4. Malaikat IJROIL ngariksa DAGING.
Akhirna sabada gembleng jadi teguh sarta kuat tina Kudratna Allah swt, sanggeus salapan bulan, wujud jadi
Bayi. Di dieu jabang bayi geus dibéré BUDI, AKAL, RASA, jeung HIRUP.
Ari nu aya di jero dada manusa nyaéta ATI. Di jero ATI ya Budi, di jero Budi aya ANGEN-ANGEN, di jero
ANGEN-ANGEN aya SUKMA, di jero Sukma aya RASA, di jero rasa aya DZAT.
Sanggeus kitu kabuka Kudratna Pangéran; terus gelar tina jero beuteung indung: bray caang, gero ceurik! Éta
geus beunang disebut: HIRUP DINA JAMAN UJIAN.

KASAMPURNAAN PARIPOLAH MANUSA.
Kasampurnaan paripolah manusa aya lima perkara:
1. Sampurna NIAT;
Henteu rumasa atawa umaku ngabogaan kahayang. Cita-citana ngan pasrah kana kersaNa ka NU
NGAYAKEUN. Tapi kudu jeung pangaturan anu jéntré;
2. Sampurna TAKBIR;
Hartina henteu ngabogaan kanyaho atawa paninggal, kajaba ti paninggalna Alllah swt. Tur anu ninggal ka mahluk
téh rasana mah tetep paninggal ka NU NGAGELARKEUN.
3. Sampurna SYAHADAT;
Hartina rumasa henteu ngabogaan puji atawa kadaék. Tujuanana mungguh sakabéh mahluk ngan ku sih pitilungna
Allah swt.
4. Sampurna SAKARAT/MAOT;
Hartina henteu aya patina; terus salamet tina sajatining hirup.
5. Sampurna HIRUP.
Tegesna teu aya; hirupna ngan Dzatna Allah swt. Nu matak kaayaan manusa nganyahokeun kana kaayaan nu
sampurna, supaya mahluk balik deui ka alam séwang-séwangan.
Upama geus bisa hanjat kana alamna séwang-séwangan, nyaéta geus jadi hiji wujud, tuluy nyawa téh balik ka
jero “tawajul Tarki”, sakumaha anu kasebut di handap ieu:
CAHAYA balik deui ka Alam Insan Kamil: nyaéta alam nalika Allah swt ngajadikeun Nabi Adam.

BUDI balik deui ka alam Ajsam: nyaéta ngahijina JOHAR jeung JISIM.
RASA balik deui ka Alam Misyal.
PANGUCAP balik deui ka Alam Arwah.
WARNA balik deui ka Alam Wahidiyah.
PANGANGSEU balik deui ka Alam Wahdah.
ANGEN-ANGEN balik deui ka Alam Ahadiyah.
HIRUP balik deui ka Alam Insan Kamil.
Ahirna kabéh baralik deui kana Kudratna Allah swt, inna lillahi wa ina ilaihi roji’uun!

KASAMPURNAAN NALIKA DI JERO RAHIM
Kasampurnaan nalika di jero beteung indung (rahim, nyaéta sampurnana: Kulit, Uteuk, Urat, Tulang,
Rambut, Daging, Getih jeung sungsum). Ari nu balik deui kana Kudrat Kapangéranan Nu Maha Suci jeung
henteu kacaritakeun watesna nyaéta: CAHAYA.
Cahaya Hideung nyurup kana Beureum;
Cahaya Beureum nyurup kana konéng;
Cahaya konéng nyurup kana bodas;
Cahaya bodas nyurup kana Cahaya NUR, Nur nu jadi TUNGGAL – hartina:
Kulit nyurup kana daging;
Daging nyurup kana Getih;
Getih nyurup kana tulang; Tulang ancur jadi deui CAHAYA, jeung sakumna bangsa Suci nyurup kana
Ma’ripat. Tegesna geus ninggalkeun wiuud KAULA. Ngarana wujud Kaula, nyatana ADAM. Jeung ayana
Kaula ku Kersana Asihing Gusti Nu Maha Suci.
Ayana nu kasebut tadi sampurnana tina Kudrat Anu Maha Suci. Geus teu rasa-rumasa, tetep tinggal
Asmana Allah Nu Maha Mulya, anu patali atawa katambah ku Dawuhan (Firman) Allah. Nyaéta kana anu
Kudratna Nu Maha Agung.
Ari anu turun ka jero “Karaton Agung”, nyaéta HAJRUL HAYAT:
1) Haréwosna kaayaan Dzat;
2) Panceran kaayaan Dzat;
3) Gelaran kaayaan Dzat;

4) Panceranana kaayaan Dzat;
5) Panceran élmu Santosaning Iman, nyaéta anu nerangkeun SAJATINING SYAHADAT.
Ieu sagemblengna turun ka jero Karaton Agung; nyaéta kana Kudratna Anu Maha Suci. Dasar anu
sabener-benerna nyaéta: NAPAS; TANAPAS; ANPAS; NUPUS; Campuran HIJARATUL HAYAT;
ROH JASMANI; ROH ROHANI; SYAREAT; TAREKAT; HAKEKAT jeung MA’RIPAT.
ÉTA kabéh balik kana NUKHAT GAIB; kakara sampurna, caang di jero pangartina, henteu kasamaran
kana sahiji-sahiji.
Sok aya sawatara mahluk nu ngalaman “jawaliyah”, nyaéta aya hahalang atawa lalangsé manusa anu
disababkeun ku robahna ciptaan haté. Nu matak di Kaula sok aya ‘apes’. Sabab Jawaliyah jadi alamat
kaapesanana kaula anu aya di jero hukum Nabi Adam. Jeung rarasaan anu kasebut di handap ieu:
1. Mimiti nu katémbong nyaéta ALAM ROH. Alam sagala nyawa. CAANG tapi lain beurang, Teu aya
kiblat, kulon, kalér, wétan, kidul, luhur, handap atawa tengah-tengah. Di dieu ninggal ‘samudera” anu
teu aya watesna; nyaéta téh nu jadi pokona hate nu ditambahan ku cahaya uteuk. Di tengan-tengah
ieu samudera aya DURIAT, nyaéta kacintaan anu teu aya pegatna; rupana siga KUWUNG-KUWUNG; cahayana gilang-gumilang. Nyaéta kanyataanana nu jadi pokona JAJANTUNG,
katambihan cahaya JOHAR AWAL, anu ngawengku jajatining ATI. Jadi kahayangna Kaula ngadeg
dina jero Angen-angen atawa Ciptaan. Ari jalan kaluar-asupna, aya dina PANON, CEULI,
IRUNG, BAHAM. Nya dingaranan MUKASIPAT. Ari kakawasaanana nungtun kana sakabéh
sipat. Waktu éta ulah nepi ka kapincut kana alamatna rupa-rupa nu aralus, tur nu matak narik kana
Rasa.
2. Saeuweuhna Alam Roh, nya mendak ALAM SIR. Di dinya papanggih jeung cahaya opat rupa:
Hideung – beureum – konéng – bodas. Nyaéta anu jadi pokona BUDI. Nya ngaluarkeun dasar
NAPSU ANU OPAT perkara, nu jadi pakéan atawa hiasan di jero haté. Ari katinggalna nungturun
hiji-hiji. Nu mimiti katinggal cahaya hideung, nyaéta nu jadi alamatna napsu LOWAMAH. Ari
watekna jeung hawana dina waktu keur aya di jero hirup sok ngadatangkeun pules atawa tunduh.
Dukumna di jero peujit jeung kadut. Jalan kaluar-saupna kana baham. Ari kajadianana nu aya dina
cahaya hideung, katinggal rupi-rupi sasatoan sarta pada nyalampeurkeun, bari umaku Pangéran. Ari
perbawana dina waktu harita, bingbang, asa-asa, disebutna alamna Napsu kitu nyaéta Alam Nasut.
Hartina: Alam Limpeuran jeung Gugupan. Dina waktu harita, kadé masing inget sarta tekun, kuat,
ulah kagoda atawa kapincut ku cahaya hideung. Bisa jadi engké manéh nitis kana sato héwan anu
ayaya di dieu.
3. Sabada leungitna cahaya Hideung, ninggal Cahaya Beureum, nyaéta alamat napsu AMARAH. Ari
hawana keur waktu aya di jero Hirup ngadatangkeun MURKA, bengis, Panasbaran, Dengki, Korét,
Hawek, Teu Payaan jeung sabangsana. Ari pokona aya dina BAYAH, jalan kaluar-asupna kana
CEULI. Ari nu araya di dieu katinggalina bangsa MARAKAYANGAN atawa SILUMAN. Tuluy
pada ngaraku Pangéran. Perbawana dina waktu éta: haseup mubal-mubal. Alamna napsu Amarah
disebut ALAM JABARUT, hartina Alam Sulit atawa Susah. Kadé sing sabar sarta pasrah supaya
uah kaliru cicing dina golongan siluman.
4. Sanggeus euweuh cahaya Beureum, ninggal cahaja Konéng nyaéta alamatna Napsu Sawiyah. Ari
watekna dina waktu keur hirup ANGIN NGAGELEBUG, alamna disebut ALAM LAHUT hartina
ROBAH atawa GERAK. Waktu keur aya di jero hirup eta napsu kaayaanana “nyaracal di sakujur
awak kaeusian”. Kadé sing inget sarta tetep tigin, ulah kagoda ku anu araya di alam Cahaya Konéng,
sabab tangtu nitis kana bangsa sarupaning bangsa manuk.

5. Euweuh cahaya Konéng, katinggal Cahaya Bodas, éta alamatna NAPSU MUTMAINAH, anu
watekna keur aya di jero hirup; Sarakah kana jalan Kahadéan, upamana: ibadah, amal jeung teu
weléh nyiar élmu. Ari jalan kaluar-asupna kana IRUNG; kajadianana nu aya dina Cahaya Bodas siga
aya LAUK LOH, nyaéta lauk anu bisa hirup dina cai Saliwaran atawa Samudera Rahmat. Éta ogé
lauk pada-pada umaku Pangéran. Ari kaayaan Cai Saliwaran: Hérang beresih teu aya hinggana jeung
teu terang ti mana asal-muasalna. Alam Napsu Mutmainah disebut ALAM MALAKUT. Tegesna
Pusat Kanyaho jeung Pangarti anu disumebarkeun ka sakuliah mahluk. Kadé masing inget, tetep
jeung tigin sarta tegug tur waspada, sabab éta téh lain tempat anu sajati anu dicawiskuen ku Anu
Maha Suci pikeun umat nu berbudi. Ulah nepi ka kaliru kana Cahaya Bodas, sabab engké bisa jadi
nitis kana lauk Loh, nu aya di éta samudra.
6. Sabada euweuhna Alam Napsu Mutmainah, katinggali ALAM NUR, alam CAHAYA, alam anu caang
leuwih ti Alam Sir. Ti dinya datang cahaya rupa-rupa tadi téa: Hideung, Beureum, Konéng bodas,
jeung aya cahaya Héjo! Kabeh pada sumebar séwang-séwangan, jeung di jero hiji-hiji cahaya aya
KARATON, nyaéta anu jadi alamatna PANCADRIA (PANCA INDERA). Katambahan ku cahaya
anu YAKIN. Ari Alam Pancaindera disebutna ALAM HIDAYAT, tegesna pituduh nu nuduhkeun
waktu gelarna KARATON SAJATI. Tapi masih lain karaton anu disadiakeun ku Nu Maha Suci
pakeun jalma nu sampurna, saperti:
a. Karaton anu diwangun, diréka ku cahaya Hideung. Ieu Karatan Dzat Sasatoan;
b. Karaton nu diwangun ku cahaya Beureum ieu Karaton Dzat Siluman;
c. Karaton nu diwangun ku cahaya Konéng, ieu Karaton Dzat Bangsa Manuk;
d. Karaton nu diwangun ku cahaya Bodas, ieu Karaton Dzat Lauk Loh.
e. Karaton nu diwangun ku cahaya Nur wungkul, ieu Karaton Dzat Tutuwuhan.
Dina waktu éta ara sora anu kadéngé saolah-olah nuduhkeun Karaton Agung sarta muji. Omat
kudu diingetkeun jeung kasantosaan, ulah nepi ka nyipta-nyipta atawa milih kana salah sahiji
Karaton. Sabab tangtu asup kaba Karaton anu teu sampurna.
Satuluyna msih di ALAM NUR. , di dinya aya cahaya anu cékas . Di jero éta cahaya aya sarupa
barang anu hurung, wujudna siga lalaki nu keur nangtung, ngabogaan cahaya tujuh rupa.:
Hideung, Beureum, Konéng, Bodas, Héjo, Wungu, Belang. Di jero éta rupa-rupa cayaha
katinggalina siga kaéndahan sawarga. Kitu mungguh sawanganana, matak hélok tur kagét. Ieu téh
nyaéta nu jadi pokona BILANGAN, katambahan ku Sukma. Ari Alamna Bilangan disebut
ALAM ISHAT, tegesna: birahi, nyaéta Panganjrekan Rasa Cinta kana gumelarna Sawarga. Tapi
senyana lain Sawarga Suci, lain tempatna kani’matan atawa Rahmat. Éta téh tempat Kahyangan
para JIN atawa gudangna kaayaan wungkul saperti:
a. Katinggalna hiji pitempatan nu beunang mapaésan ku rupa-rupa rarangkén tina cahaya
Hideung. Éta nu jadi MUSTIKANA BUMI. Kanyataanana atawa kajadianana tina sagala
ciptaan jeung angen-angen anu hina. Lamun aya di dinya sarta betah, tangtu jadi Mandor
Rupa-rupa anu Hideung.
b. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya Beureum,
hurung siga cahaya seuneu. Éta téh kajadianana tina ciptaan anu sok ‘ngahinakeun kana
kaayaan papada kaula.’ Lamun baé betah di dinya, tangtu jadi Lulugu Jin Beureum.
c. Anu katinggalna hiji tempat anu beunang mapaésan ku rupa-rupa papaés tina cahaya Konéng.

Sinarna éta rupa-rupa papaés kacida matak waasna, siga cayaha kuwung-kuwung atawa
layung. Éta téh asal tina ciptaan anu sok ‘tara dicumponan atawa bohong’. Lamun betah di
dinya tantu jadi Lulugu Jin Konéng.
d. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya Bodas, siga
kilat gugurilapan. Éta téh anu asal tina ciptaan Satia-Tuhu-Lulus, tur cocog jeung nu di angen-anen. Lamun betah di dinya, tangtu nitis jadi sarupaning Jin Bodas.
e. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya Héjo nyaéta
kajadian tina ciptaan anu Santosa tur tetep. Lamun betah di dinya, tangtu nitis jadi Buta Héjo.
f. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya anu belang,
Éta kajadianana tina ciptaan Pamikir. Lamun betah di dinya bisa jadi nitis kana Jin Boréléng.
g. Anu katinggalna hiji patempatan anu dipapaésan ku rupa-rupa banda tina cahaya Wungu
(Bungur). Éta asal tina ciptaan wungkul, anu tara aya buktina. Lamun betah di dinya, bisa jadi
nitis kana Jin Wungu.
Sanggeus tutup nyorang rupa-rupa nu bieu geus diterangkeun di luhur, teu kungsi lila
ngambeu anu ‘seungit’. Nya éta tina sagala Kahyangan nu kacida arahéngna tur matak narik
kana sagala rarasaan. Di dinya ulah nepi ka ngarasa betah, lantaran ANGKER. Asup ka jero
Kahyangan anu henteu sampurna.
7. Saeuweuhna alan NUR, nyorang ALAM ULWI, ieu leuwih-leuwih ti Alam Nur. Di dinya katinggal aya
cahaya murub-mubyar gilang-gumilang, teu aya bangsana, éstu matak sérab, teu kiat teges ninggali.
Di jero éta cahaya aya anu mangrupa atawa siga NYIRUAN, ANU KEUR NYAYANG. Nyaéta
dina makam FANA, éta téh nu jadi warnana SUKMA, nu ngawuwuh kana sakabéh warna atawa
rupa; ngawengku di sakumna alam, ti nu leutik nepi ka nu badag, ti nu lemes nepi ka nu kasar. Anu
hirupna tina permanana atawa tina Kayakinan atawa Rasa. Waktu éta sumping Malaikat nu
ngarupakeun ‘bapa urang’, sarta “ngaku utusan Allah Nu Maha Suci”. Sanggemna dipiwarang ku
Pangéran Nu Agung, ngagiring manéh ka rahmatNa Gusti Allah swt. Mugia sing tetep tigin, teguh,
santosa iman, ulah nepi ka beunang kagoda, ngadéngé tur ngimankeun kana rupa-rupa caritaanana.
8. Masih aya di Alam Ulwi. Mingkin tambah caang sarta hébat ku sinar-sinar caangna tina cahaya tadi. Di
dinya katinggal aya Cahaya nu Moncorong tur sumorot. DI jero éta cahaya mimggal sarupaning
banda, sagéde wayang golék; kitu mungguh sawangan pikiran urang. Ari sipatna siga Mutiara
reujeung cahayana; Lain lalaki, lain awéwé, lain malawading, nyaéta nu jadi alamatna RASA, tapi
hirupna tina Dzatna ATMA. Waktu éta datang Widadari anu ngarupakeun ‘indung urang’. Sarta
ngaku jadi utusan Pangéran Nu Maha Suci, pikeun ngiringkeun ka rahmatNa Gusti Allah swt. Omat
ulah nurut kana éta caritaan.
9. Masih di Alam Ulwi, ngarasa caang nu lain-lain, ngaleuwihan ti sakumna sugri nu gelar, kulantaran
kacida ahéngna. Di dinya geus teu ninggal atawa teu témbong deui tina sagala sawangan. Sababna
ngan wungkul cahaya nu aya; nya geus ‘teu bisa deui nyaruakeun kana rupa-rupa jinis atawa sifat.
Éta téh Dzatna WAJIBUL WUJUD, teu di luhur, teu di handap; henteu nganjrek henteu dumuk, teu
mangrupa henteu aya warna. Sategesna AJAL ABADI, nu saenyana Murba Wisésa. Nu Kawasa;
Nu Maréntah kana sakabéh alam jeung eusina, anu ngawengku kana sakabéh gelar.
Dawuhan Sunan Kalijaga”
“Tah anak incu kami jeung ka para ihwan kami, para kaom Muslimin jeng Mu’minin, nu
sami-sami pada ngulik élmu Kapangéranan. Tah buktina saenya-enyana élmu Kama’ripatan

téh nyaéta ngawicik diri, nyasaak awak, panutuping kapanasaran hate, anu sok diparaké
angen-angen, nyaéta buktina tina sakumaha nu geus ditétélakeun, diterangkeun di luhur.
Ngan baé poma pisan jeung kumawani nukangkeun atawa cul teu ngalampahkeun kana
pagawéan anu geus diatur ku hukum Syara. Sababna moal bisa sampurna nyekelanana élmu
upama henteu meunang atikan syara. Sabab élmu Sayara téh nya éta anu ngandung
katartiban hiji-hiji tindakan jelema”.

3 responses to “Aurod rasa

  1. Assalamu’alaikum wr.wb.
    Puji syukur wa syukrulillah,
    Alhamdylillahirobbil alamin, atas kehendak-Nya saya telah dipertemukan dgn Saudara,tetapi akankah saudara yang termuliakan ke-ilmu-an-Nya ngajurung ridho untuk Ku jadikan sbg Cukang Lantaran membuka dari segi kegelapan-Ku ini ?, smoga limpahan kebaikan hanya Allah Ta’ala Yang bisa membalas segala kebaikan saudara beserta keluarga. Salaaam yang teramat dalam.
    Wassalam

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s